Judul Buku : Azab dan Sengsara
Pangarang : Merari Siregar
Pamedal :
Balai Pustaka
Pedalan :
XVII, taun 2000
Kandel Buku : 163 kaca
Azab
dan Sengsara téh mangrupa novel munggaran pedalan Balai Pustaka anu kahiji
nyaéta sakitar taun 1920. Novél anu ngandung tema kawin paksa ieu dikarang ku
Merari Siregar. Ditilik dina gaya panggarang, panggarang tVh coba nonjolkeun
karakter tokoh-tokohna anu aya dina novel éta. Basa anu kawilang masih kénéh
Indonésia melayu asli rada saeutik nyieun pamaca maca na rada hésé dipikaharti.
Ku sabab kudu dihayati saréng dipahamimakna dina satiap kecap. Tokoh Mariamin
di éta novel téh mangrupa wajona anu hirupna kamalaratan,nalangsa ku sabab azab
anu ditimpa kaluargana, salian ti éta ngagambarkeun tokoh anu dikarunyaeun pisan,
hirup sesah, sareng kawin paksa disababkeun adat anu masih kénéh di terrapkeun
di daérahna. Kaluarna tokoh-tokoh anu rada ganas, bengis sareng kotor dina éta novel,
tiasa nyieun si pamaca jadi miluan kesel sareng miluan katarik kana eiusi
carita.
Novél
karya Merari Siregar nyaéta kaarya anu nyieun gebrakan pikeun novel-novél
Indonesia salajengna. Salian ayeuna parantos taun 2012, jarak pikeun novel
mungguran sareng novel modern ayeuna hamper 92 taun tapi novel Azab dan
Sengsara ieu téh teu éléh alus sareng nyetopna.
SINOPSIS
Dicaritakeun aya hiji mojang kembang désa kaya raya anak
saudagar taneuh di daerahna nyaéta Mariamta. Riam téh gaduh réréncangan nyaéta
Aminudin. Ti leutik nepi ka hiji wanoja anu ahirna silih asih. Awalna kisah
sareng caritana ngalir mulus, nepi ahirna bapa ti Mariamin bangkrut sareng
jatoh malarat kusabab kebengisan, kakikiran,kasombongan,kasarakahan sarta
kapolosan tiasa ditipu daya ku hiji jalmi.
Kahirupan
Mariamin turun drastic, sakabéh hewan ternak sareng sawah anu tadina seeur
pisan, ayeuna ludés leungit kusabab bapana hirup malarat sarta bapa anu
geuringan nambah hirup Mariamin sengsara, tapi Aminudin tiassa ngahibur sareng
maturan wanoja anu mulai rapuh éta.
Azab
ti gusti Allah teu sautuhna rengse, saparantos éta bapa ti Mariamin tilar
dunya, Aminudin tampatan haténa sareng kaluargana an uterus kasangsaraan.
Kasangsaraan Mariamin teu sabaraha héséa mun aya kénéh Aminudin. Ku sabab
hijrah ka kota bade jadi hiji anu biassa sukses sareng tiasa ngahirupan
kaluargana sorangan . kisah cinta dua wanoja teu tetep berjalan. Bisi jauh
jarakna sering pisan Aminudin ngirimkeun surat ka Mariamin. Nepi ahirna
Mariamin sareng Aminudin setuju jadi
suami istri. Tapi, bbapa ti Aminudin anu hiji saudagar sareng ketua adat di
daérahna téh nolak , kusabab Mariamin miskin sareng melarat. Kasengsaraan anu
teu anggeus-anggeus di tampi Mariamin. Heunteu nyieun Mariamin tunduk sareng
putus asa. Mariamin narima takdir ti gusti Allah. Sareng pasrah jadi pamajikan
hiji wanoja anu lain Aminudin.
·
Kapinunjulan eusi buku
Eusi moral carita na cocok jeung rumaja
ayeuna, supaya teu ngalawan deui ka kolot. Kudu nurut nu di pihayang kolot.
·
Kakurangan eusi buku
Nonjolkeun
pisan sipat maksa ka anak, jeung carita na saeutik teu di piharti.
·
Manpaat eusi buku
Loba
palajaran nu bisa di cokot ti novel ieu, perjuangan, pertahanan cinta disisi
lain hoyong ngabahagiaan kolot. Di diri kuring aya rasa bangga bisa maca novel
kahiji Indonesia ieu jeung nambah-nambah deui wawasan kuring.
·
Sasaran
Dibaca ku tiap kalangan umur.
Judul Buku : Nu kaul lagu kaléon
Pangarang : R.A.F
Pamedal :
Kiblat
Pedalan :
Pebruari
Kandel buku : 100 Kaca
“Ke…Ke… naon bentenna ari kawih nu disebut lagu
panambih sareng nu sok dipirig ku gamelan ?” ceuk Yati bangun panasaran. “ taya
bentenna meueus-mueus acan.” Walon kang Atma. “Éta-éta kénéh hakékatna mah.
Bentenna ngan ukur lebah lagam ngahaleuangkeun . Ku margi lagamna lagam
mamaos. Tur dipirigna nu kacapi indung
sareng rincik, sareng suling, sareng ku margi geus matuh sok dikontetkeun jeung
kawih lagu panambih . Padahal Upami éta
lagu panambih dihaleuangkeun dina pirigan gamelan, kontan harita kénéh moal
disebut lagu panambih, tapi lagu kawih! Moal disebut nembangkeun deui. Tapi tangtu ogé ngawihkeun
sabalikkna, upami lagu kawih ni biasa dipirig ku gamelan, dialihkeun kana
pirigan kacapi sareng suling, dihaleuangkeun nganggo logam mamaos, harita kénéh
baris disebut lagu panambih sarta di sadapurankeun jeung mamaos.”Buku nu kaul lagu Kaléon
nyaritakeun tentang hiji mojang jeung bujang nu ngajarna di ahir carita.
Kacaritakeun hubungan silih pikacinta éta dua nonoman téh.
·
Kapinunjulan eusi buku
novel ieu cocok diaos ku rumaja. Sabab
tiasa nambih wawasan tentang pertembangan. Alusna, novel ieu ngankat
budaya-budaya anu aya ditatar sunda. Kesenianana jeung budaya masyarakat anu
jadi ciri khas sunda.
·
Kakurangan eusi buku
Bahasana
hese di piharti.
·
Sasaran
Dibaca ku tiap kalangan umur.
Judul Buku : Oléh-Oléh Pertempuran
Pangarang : Rukmana HS.
Pamedal : kiblat
Pedalan : 2006
Kandel buku : 182 Kaca
Pangarang : Rukmana HS.
Pamedal : kiblat
Pedalan : 2006
Kandel buku : 182 Kaca
Ieu carpon dikubek ti sore kénéh dina ungggal wangwangan weléh teu muncul. Karasa, beuki kolot beuki butek, beuki miskin ku inspirasi . Acep badé neangan harta karun nu aya di laut kidul di tatar Sunda nu dina taun 43 dirampas ku tentara jepang .dina perjalanan nuju néangan harta karun, pasukan pemuda Indonesia ngepung pasukan Letnan Sera ménta kabeh senjata ni dipiboga . Saeunggeusna Acep jeung Letnan Sera make tanda tamtama . Acep jadi Kopral, Letnan Sera jadi prajurit . Manéhna duaan néangan harta karun nu geus manéhna tempo mun manéhna teu nyokot eta harta karun da aya kapal silem nu Amerika .
Pertempuran
beuki peuting beuki meuweuh. Tentara pejuang ti Lémbang geus tumplek. Bandung
Kalér hibar dihuru. barudak salusurakan bakat ku bungah, Walanda taya guam.
Shock méntal pertempuran, taya nu wani ngabekaskeun
bedil saurang-urang acan. Sora bedil ngadadak jempé. Bandung dikawasa mutlak ku
Pejuang Kamerdékaan RI.
Tapi, ciut ..., geleger! Koléang, awak asa aya nu mangpérkeun. Gebut, tibeubeut kana taneuh. Hhek ..., angen! Les teu inget. Méméh les pisan, karasa aya nu ninggang kana tonggong, bek! Gorémpal, malik. Gap dicagap. Asa ngaranggeum buuk. Bari satengah teu inget, nyoba-nyoba ngageroan Jamhur: "Hur ...!" Les, teu inget pisan.
Tapi, ciut ..., geleger! Koléang, awak asa aya nu mangpérkeun. Gebut, tibeubeut kana taneuh. Hhek ..., angen! Les teu inget. Méméh les pisan, karasa aya nu ninggang kana tonggong, bek! Gorémpal, malik. Gap dicagap. Asa ngaranggeum buuk. Bari satengah teu inget, nyoba-nyoba ngageroan Jamhur: "Hur ...!" Les, teu inget pisan.
Sabada maca Oléh-Oléh Pertempuran, barudak
Sunda anu henteu kungsi ngalaman révolusi, nu henteu boga gambaran kumaha
saenyana kaayaan jaman harita, ngaliwatan hasil kréasi nu imajinatif, baris
boga gambaran anu leuweih riil ngeunaan mangsa harita. Cindekna, carita-carita
Rukmana Hs. bisa dianggap minangka saksi ngeunaan patriotisme jeung kaihlasan
para pamuda Sunda dina enggoning ngabéla kamerdékaan bangsana.
·
Kapinunjulan eusi buku
Alusna, novel ieu ngankat budaya-budaya
anu aya ditatar sunda. Pertempuran, kesenianana jeung budaya masyarakat anu
jadi ciri khas sunda.
·
Kakurangan eusi buku
Bahasana
hese di piharti.
·
Sasaran
Dibaca ku tiap kalangan umur.
Judul Buku : Parahu Kertas
Pangarang : Dewi “Dee” Lestari
Pamedal :
Agustus-2009
Pedalan : Bѐntang
Pustaka
Kandel buku : 444 kaca
Kugi nyaѐta gadis
leutik nu hobina ngahayal. Manѐhna meuni resep nganulis dongen nu keur
batur mah mangrupakeun hobi nu teu lazim tacan deui kabeukina nulis serat ka Dѐwa Nѐptunus.
Serat ѐta dilipet jadi parahu kertas jeung
dipalidkeun di sungai atawa di laut. Kugy nganggep manѐhna
tѐh nyaѐta saurang
agѐn Nѐptunus.
Keenan digambarkeun minangkan sosok nu cerdas. Kabeukina di widang ngalukis teu
dibѐrѐ restu
ku bapana. Manѐhna
justru diarahkeun ka widang bisnis keur
neruskeun parusahaan bapana. Parahu kertas lain ngan nyaritakeun carita asih anu rinci jeung terlalu hѐsѐ.
Meureun katingali meuni
sederhana jeung caritana, carita antara Kugy jeung keenan nu mimiti babaturan
manѐhna diwaktuna kudu diajar di Bandung. Di mana pasamoan manѐhna
mimiti waktu Noni nnu mamgrupakeun
sahabat Kugy kudu ngabaturan kabogohna nu ngaranna Eko pikeun
ngajemput sepupuna nu geus lila teu
papanggih , nyaeta Keenan. Jeung henteu nepi ka didinya waé, lanjutna jeung hobi
maranéhna nu kérén, lalajo di bioskop midnight, ku kituna kawas double date, antara Noni jeung Eko sarta
Kugy jeung Keenan. Di waktu persahabatana antara Kugy jeung Keena nu beuki
deukeut, Kugy geus mulai wani pikeun nyaritakeun bahwa manehna ngabogaan hobi
nyieun carita ti carita dongeng ciptaan Kugy.
Masalah mimitian mecenghul di waktu Noni nu boga rencana ukur
ngajodohkeun Keenan jeung saurang awéwé geulis nu mangrupakeun sapupuna,
ngaranna Wanda. Ku kituna nyieun hubungan antara
Keenan jeung Kugy laér. Kugy rencanana rék ngajauhan Keenan tapina akhirna mah
Kugy ngarti yén sabenerna manéhna téh mikaresep ka Keenan. Keenan nu kudu pegat
sareng Wanda sarta geus ngarasakeun kahancuran nu terjadi di jero manéhna jeung
ngarasa kausir ti kaluwargana sorangan, manéhna milih indit ka Bali. Di Ubud
manéhna papanggih jeung Pak Wayan nu saurna hobi ngalukis ogé, ku kituna
kahayang Keenan pikeun tetep jadi saurang pelukis beuki hayang diraihna. Salila
Keenan aya di Bali, manéhna sok kainget jeung Kugy, kitu ogé jeung Kugy. Carita
beuki rumit, di waktu Keenan ninggalkeun cintana sarta milih Luhde, kaponakan
Pak Wayan sedengkeun Kugy nu resah bahwa pangéran dongéngna teu aya di dunya
ieu, leuwih milih Remi.
·
Kapinunjulan eusi buku
Buku
ieu ngabogaan kapinunjulan ti segi sipat tokoh-tokohna di jerona nu nyieun
pamaca bisa langsung nyurtian sipat tokoh éta. Sarta carita di jerona karasaeun
kitu ngalir, kawas lamun kuring kawas jadi bagian tokoh dina carita.
·
Kakurangan eusi buku
Aliranna
nu kaceluk, has gaya
budak dayeuh, utamana dina dialog-dialog tokohna. Nu ngajieun Novél ieu
·
Manpaat eusi buku
Loba
palajaran nu bisa di cokot ti novel ieu. Sumanget , perjuangan, impian, kajujuran, sarta gawé teuas teu
pisan-pisan hal anu teu dilewatkeun.
·
Sasaran
Dibaca ku tiap kalangan umur, tapi kos
nu di tujukeun jeung kalangan rumaja wungkul.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar